naon Hartina paribasa uteuk tongo Dina tarang Batur kanyahoan Gajah Depa Dina tarang teu karasacpt jawab
B. Daerah
dinaariana04
Pertanyaan
naon Hartina paribasa "uteuk tongo Dina tarang Batur kanyahoan Gajah Depa Dina tarang teu karasa"cpt jawab
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Harti tina paribasa "uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan, gajah depa dina tarang teu karasa" nyaeta ari kagorengan batur sanajan saeutik oge kanyahoan, tapi ari kagorengan sorangan mah sanajan gede oge henteu karasa. Dina paribasa Sunda eta aya kekecapan anu lucu, saluyu pisan jeung kabiasaan urang Sunda anu sok resep ngabodor, nyaeta kekecapan "gajah depa dina tarang".
Umpama ditilik tina maksud atawa hartina, eta paribasa Sunda teh pasti ngingetkeun ka urang sarerea kana paribasa anu aya dina basa Indonesia nyaeta paribasa "kuman di seberang lautan tampak, gajah di pelupuk mata tidak kelihatan" anu hartina sarua jeung paribasa "uteuk tongo dina tarang batur kanyahoan, gajah depa dina tarang teu karasa".