B. Daerah

Pertanyaan

Naon Hartina Tatakrama teh?

1 Jawaban

  • Hartina tatakrama nyaeta aturan anu berlaku di hiji masarakat ngeunaan adat, kabiasaan atawa hal-hal anu alus anu perlu dijadikeun padoman dina kahirupan sapopoe, saperti aturan ngeunaan sopan santun, ngagunakeun basa jeung natamu. Salahsahiji conto tatakrama nyaeta asperti tatakrama basa Sunda. Dina tatakrama basa Sunda diatur hal-hal nu aya patalina jeung tingkatan atawa ragm basa nu aya dina basa Sunda.  

    Pembahasan

    Tatakrama teh bisa robah-robah gumantung kana jaman. Saperti tatakrama basa Sunda, baheula mah kungsi disebut undak usuk basa Sunda. Dina undak usuk basa Sunda aya kesan ngabeda-bedakeun jelema. Kukituna istilah undak usuk basa Sunda dirobah jadi Tatakrama Basa Sunda. Dina tatakrama basa Sunda, ayana ragam basa dina basa Sunda teh lain pikeun ngabeda-beda jelema, tapi pikeun ngahormat ka anu saluhureun jeung ngajenan ka sasama atawa sahandapeun.  

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 8.13.6

    Kata Kunci : Hartina Tatakrama

Pertanyaan Lainnya