Kumaha pamanggih hidep mun ningali manuk nu hirup bebas jeung manuk nu hirup di jero kurung?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Nyalametkeun Mahluk Papada Ciciptaan Alloh
Kelas : VI (6 SD)
Pembahasan :
Manuk nu hirup bebas jeung manuk nu hirup di jero kurung tangtu kacirina beda. Manuk nu hirup bebas kacirina gesit jeung linghas. Sedengkeun manuk nu hirup di jero kurung kacirina henteu pati gesit jeung henteu pati linghas.
Pikeun manuk anu hirup dina jero kurung, kaayaan atawa kondisina gumantung kana gede jeung leutikna kurung sarta kacukupan kadaharan nu aya.
Umpama kurungna leutik tangtu eta manuk teh henteu laluasa pikeun hirup atawa hiber. Sedengkeun umpama kurungna dijieun leuwih gede tangtu eta manuk hirup atawa hiberna leuwih laluasa.
Salian ti eta, ayana kadaharan anu cukup oge gede pangaruhna pikeun kaayaan manuk anu di jero kurung. Sanajan kurungna gede, umpama kadaharanna kurang tangtu ngajadikeun eta manuk jadi kalaparan.
Kata Kunci : Manuk, bebas, jero kurung