B. Daerah

Pertanyaan

Naon hartina dongeng babad

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Dongeng babad nyaeta salah sahiji rupa carita anu aya dina dongeng. Aya sawatara rupa dongeng, nyaeta dongeng fabel, parabel, mite, legenda jeung sage atawa babad. Dongeng mangrupa karya sastra dina wangun prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa buhun nyaeta saperti donegng jeung carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon.

    Dongeng babad atawa sage nyaeta carita anu miboga unsur-unsur carita sajarah, anu nyaritakeun kawanian, kapahlawanan, kasaktian sarta kaajaiban hiji jalma. Carita babad atawa sage biasana mangrupa carita ngeunaan peperangan di jaman baheula, anu eusi caritana umumna panjang jeung nyaritakeun carita kapahlawanan atawa jalma sohor anu legendaris. Conto dongeng babad nyaeta saperti dongeng babad Prabu Siliwangi atawa Dipati Ukur.

Pertanyaan Lainnya