kumaha cara narjamahkeun anu bener
B. Daerah
shinaz
Pertanyaan
kumaha cara narjamahkeun anu bener
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Narjamahkeun hartina nyaeta mindahkeun eusi tulisan anu dijieun ku ngagunakeun hiji basa kana tulisan anyar anu ngagunakeun basa lianna anu beda. Hiji tulisan, kumaha wae wangun tulisannana, mangrupakeun hiji karya sastra. Kukituna dina narjamahkeun, kudu bisa oge mindahkeun unsur-unsur sastra anu aya dina tulisan asal kana tulisan anu anyar.
Narjamahkeun teh salian ti kudu bisa mindahkeun unsur-unsur sastra anu aya, oge kudu bisa mindahkeun harti anu aya dina tulisan asal kana tulisan anu anyar sacara bener atawa akurat. Dina narjamahkeun kudu "satia", nyaeta ulah nepi ka aya kekecapan anu disalahhartikeun.